Pihatur Kidulur


PIHATUR KIDULUR
السلام عليكم ورحمة الله وبركاتهاَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ أَتْقَنَ الْمَصْنُوْعَاتِ, وَفَطَرَ الْمَوْجُوْدَاتِ, وَأَمَاتَ الْأَحْيَا وَ الْأَمْوَاتِ, إِنَّ فِيْ خَـــلْقِ السَّــــــمٰوَاتِ وَ الْأَرْضِ وَ اخْــــتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنّــــَهَارِ لَآٰيَاتٍ, اَلصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِك َسَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ سَيِّدِ السَّادَاتِ, وَصَاحِبِ الْبَيِّنَاتِ, اَلشَّــــــفِيْعِ فِيْ مَنْ يُصَلِّىْ عَلَيْهِ يَوْمَ الْحَسَرَاتِ, وَعَلٰى آٰلِهِ وَصَـــحْبِهِ أَهْلِ الْفَضْـــلِ وَ الْكَرَامَات ِ. أَمَّا بَعْدُ.
Dina raraga bakti sareng ngajadikeun diri ka Dzat anu Maha Suci urang kedah terang jalan geusan leumpang, margi ngalaksanakeun ibadah gampang-gampang susah. Gampangna pira oge ngalaksanakeun parentah  nyingkahan anu di cegah, tapi kumargi aya syetan sareng nafsu anu  ngagoda sareng ngahalang, ibadah janten susah. Teu aya deui jalan pikeun ngahalang gerak langkahna syetan jeung nafsu iwalti kedah terang kana ilmuna, sadengkeun ieu ilmu moal tiasa kacangking upami henteu aya guru nu masihan pepeling sareng nungtun ku jalan sering masihan pitutur sareng pituah supados urang henteu tisoledat kana jalan anu lepat. MUQODDIMAH
Puji syukur dihaturkeun ka Dzat Alloh anu salamina masihan jalan pikeun urang deuheus ka Mantena.Solawat sareng salam mugi dihaturkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu ‘alaihi wasallam, oge ka kulawargi sareng para sohabatna, Aamiin.
Dina Riyadloh wengi kemis, khususna dina kitab-kitab Tashowwuf aya istilah-istiah khusus anu sering dianggo, diantawisna;
1. RIYADLOTUNNAFSI ((رِيَاضَةُ النَّفْسِRiyadloh, hartosna olahraga, tapi anu dimaksad ku Riyadloh dina elmu Tasowuf nyaeta ngalatih jiwa sina biasa patuh sareng ta’at kana aturan Alloh sarta tebih tina paharaman, alias ngalatih jiwa sangkan istiqomah dina ibadah ka Alloh anu ngaping ka urang siang wengi, malah mandar diri urang salamina aya dina rohmat sareng ridlo Mantena.
2. MA’RIFAT  (( مَعْرِفَةٌIstilah M’arifat dina ilmu tashowuf benten sareng istilah m’arifat dina ilmu Tauhid. M’arifat dina ilmu Tashowut nyaeta iman tingkatan ‘Aarifin, iman ilmul yaqin, iman ‘ainul yaqin, sareng iman haqqul yaqin. Hartosna numutkeun ahli Tashowuf; iman hiji jalmi anu parantos dugi kana rasa, minimal rasa ditingali sareng di teuteup ku Alloh, rasa dipayuneun Alloh. Jalmina disebat ‘Arif/’Arifin.
3. THORIQOH/TOREKAT ( طَرِيْقَةٌ )Hartosna; jalan ningkatkeun kaimanan, supados ngahontal darajat kawalian dugi kana tingkat ma’rifat ku mangrupi dzikir, nyeueurkeun amal soleh, sareng sajabina.
4. GHOFIL/GHOFILUN ( الغَافِلُ – الغَافِلُوْنَ )Hartosna: Jalmi anu ibadah ka Alloh tapi manahna malaweung, manahna teu ngiring ibadah, hilap kanu nyiptakeun, henteu gaduh rasa diteuteup sareng di tingal ku Alloh, jongjon tonggoy ngumbar rasa, ari badan mayun ka Alloh tapi manahna cuscos kaditu kadieu.
5. MUBTADI/MUBTADIUN ( المُبْتَدِئُ – المُبْتَدِئُوْنَ )Hartosna; Jalmi anu diajar ibadah, tur ibadahna ikhlas karana Alloh, namung aya kasieun, upami dirina henteu ibadah sieun henteu di rohmat ku Alloh di dunya, pedah sok aya karaosna, upami henteu tahajud teh sok rada seuseut rizki sareng sajabina,janten ku ibadahna aya maksad sejen nyaeta hoyong hasil maksad dina masalah dunya.
6. ‘ABID/’ABIDUN ( العَابِدُ – العَابِدُوْنَ )Hartosna; Jalmi ahli ibadah tur ibadahna ikhlas karana Alloh, namung dibalik eta dirina miharep kana ganjaran ukhrowi, sapertos hoyong ganjaran surga sareng sieun siksa naraka.
7. ‘ARIF/’ARIFUN ( العَارِفُ – العَارِفُوْنَ )Hartosna; Jalmi anu ma’rifat anu imana tos dugi kana salah sawios tingkatan iman anu tilu nyaeta:
1)   Iman ‘Ilmul Yaqin.Nyaeta jalmi anu ngayakinkeun kana sifat ‘Ilmu, sifat Sama’, sareng Bashorna Alloh, dugika eta kayakinan ngajantenkeun rasa, tegesna jalmi anu gaduh rasa yen dirina di sarengan ku Alloh, manahna teu lesot tina rasa di teuteup sareng di dangu ku Alloh, dugika ngaraoskeun yen dirina asa dihadiran ku Alloh (asa papayun-payun paduduaan), sanaos dirina campur gaul sareng batur tapi hatena henteu tagiwur.Jalmi anu imana dugi kana iman ‘Ilmul Yaqin maqomna disebat maqom MUROQOBAH, hartosna rasa di tingali di intip ku Alloh.
2)   Iman Haqqul Yaqin.Nyaeta jalmi anu ngayakinkeun kana sifat Qudrot sareng Irodat Alloh, tegesna titingalian ladang soca, kukupingan ladang cepil, sareng sagala rupi anu karaos ku anggota badan dianggo jembatan emas kanggo muhadloroh sareng musyahadah ka Alloh, dina hartos soca ningal makhluk tapi manahna malatas dugi kanu ngadamel eta makhluk (Alloh), socana ningali kana tapak Qudrot Alloh, sapertos ningali gunung, ningali tatangkalan sareng sajabina, tapi manahna malatas tafakur dugi ka Alloh nu ngadamelna. Jalmi anu kieu, maqomna disebat maqom MUSYAHADAH, hartosna; rasa di payunan, papayun-payun sareng Alloh.
3)   Iman ‘Ainul Yaqin.Nyaeta jalmi anu ngayakinkeun kana sifat Hayatna Alloh dugika gaduh rasa anu hirup teh mung Alloh wungkul, sadaya makhluk teu aya (teu kabandungan ku hatena), da anu aya mah ngan Alloh wungkul, tegesna manahna henteu tiasa ngabandungan kana gerak gerik makhluk margi kahalangan ku eling ka Kholiqna. Jalmi anu karanjingan ku sifat Hayat calik dina maqom FANA, (disebat Wali Majdub).Sadaya mu’minin kedah ngusahakeun sangkan imanna ningkat dugi kana tingkat ma’rifat, boh dugi kana iman ‘Ilmul Yaqin (maqom Muroqobah) atanapi iman Haqqul Yaqin (maqom Musyahadah), namung teu kenging  (haram) ngusahakan dugika Iman ‘Ainul Yaqin (Maqom Fana) alias janten Wali Majdub, margi Wali Majdub mah tos teu emut kana syare’at kahalang ku eling ka Kholiqna, tapi nu haram teh ngusahakeunana, atuh upami dipasihan langsung ku Alloh mah sae kabina-bina.
8. SALIK / SALIKUN ( السَّالِكُ – السَّالِكُوْنَ )Hartosna, Jalmi anu nyukcruk kana jalur ka ma’rifatan, boh ku jalan istiqomah dina ngalakonan amal ibadah, atanapi ku jalan tafakkur sareng tadzakkur (dzikir) bari dirina miharep hoyong dipasihan ma’rifat ku Alloh.
9. MURID/MURIDUN  (المُرِيْدَ – المُرِيْدُوْنَ  )Hartosna, teu benten sareng Salikun, nyaeta; “anu ngalakonan amal bari ikhlas karana Alloh”. Namung Muridun mah henteu gaduh maksad sareng tujuan anging palay rido Alloh wungkul, sanes palay ma’rifat. Da kama’rifatan mah mangrupikeun nugraha nu dipasihkeun ku Alloh langsung ka abdina anu dipicinta ku Anjeuna. Atuh teu ma’rifat teh teu doraka, anu doraka mah nu teu istiqomah dina ngalakonan ibadah, janten anu di penting keun ku para Muridun mah ngusahakeun sangkan dirina istiqomah dina ngalaksanakeun tugas sareng parentah.
10. AHLI HIKMAH/HUKAMA (الحِكْمَةُ – اَلْحُكَمَاءُ  )Ari hartos “hikmah” nyaeta;  adil, hilim, jatnika, ari Ahli Hikmah anu aya dina Al-Quran surat Al-Baqoroh ayat 269, nyaeta; jalmi anu terang kana hukum-hukum Fiqh, terang kana ma’na Alquran sareng Alhadits, disebatna HUKAMA, darajatna saluhureun ‘ULAMA, saur Alloh;{يُؤْتِي الْحِكْمَةَ مَنْ يَشَاءُ وَمَنْ يُؤْتَ الْحِكْمَةَ فَقَدْ أُوتِيَ خَيْرًا كَثِيرًاط وَمَا يَذَّكَّرُ إِلاَّ أُولُو اْلأَلْبَابِ}”Alloh masihkeun al-hikmah (faham pisan kana eusi quran sareng hadits) ka saha bae sakersana, jeung saha anu dipasihan al-hikmah maka nyata parantos dipasihan kahadean anu seueur, jeung teu pati-pati ngarti (kana dawuh Alloh) kajaba jalma anu boga akal”.
Wassalam


Leave a Reply