Mana nu Afdol, shalat awal waktu atanapi tepat waktu?


Mana nu Afdol, shalat awal waktu atanapi tepat waktu?

Nu wajib kange satiap muslim nyaeta ngerjakeun shalat dina waktuna. Sedengkeun ngerjakeun shalat di awal waktu nunjukkeun afdoliyah atanapi kautamaan.

Firman Alloh dina QS. An Nisa: 103;
Hartosna: “Saestuna shalat ngagaduhan waktu nu tos ditetepkeun kange jalmi nu iman”.

Ibnu Jarir dina kitab tafsirna nyarios, ti Al Auza’i, ti Musa bin Sulaiman, ti Qosim bin Mukhoymiroh ngeunaan firman Alloh Ta’ala, “jeung daratang jalma-jalma nu geus ngamomorekeun sholat” (QS. Maryam: 59). Al Qoyim negeskeun nu dimaksud ayat ieu, “Maranehna nu ngamomorekeun atawa nu ngalalaikeun waktu sholat. Sedengkeun upami dugi ka ngantunkeun shalat, maka kafir.”

Abu Ya’la sareng Al Baihaqi masing-masing dina musnadna (nyarios), ti ‘Ashim, ti Mush’ab bin Sa’ad, anjruna nyarios, : Kuring pernah naros ka bapa kuring tina pendapat anjeunna ngeunaan ayat ‘alladzinaahum’an sholatihin saahuun’, saha diantara urang nu teu lalai dina sholatna? Saha nu di lebet hatena aya pikiran perkara di luar sholat?”.
Bapana, Sa’ad ngawaler, “Lain saperti eta nu dimaksud dina eta ayat. Maksud atat ieu nyaeta lalai lanataran bgamomorekeun waktu sholat”.

Para ulama sepakat yen nu paling afdol nyaeta ngerjakeun sholat awal waktuna. Tapi dikecualikeun dua shalat;
1. Sholat Isya’. Numutkeun jumhur atanapi umumna ulama disyareatkeun diakhirkeun. Ieu ditujukeun kange jalmi nu sholat munfarid atanapi aranjeunna nu berjama’ah mung tos sepakat aranjeunna nyaeta diakhirkeun dugi ka 1/3 wengi kahiji atanapi memeh pertengahan wengi.
2. Sholat Lohor waktu cuaca panas pisan, disunnahkeun kange diakhirkeun dugi ka cuaca teu panas teuing, nu penting memeh lebet ka waktu Ashar.

Oge aya hadist nu nyatakeun yen sholat di awal waktu nu paling afdhol,
Ti Ummu Farwah, anjeuna nyarios “Rasululloh SAW kantos ditaros, amalan naon nu paling afdhol? Mantenna ngawaler: “Sholat di awal waktu”. (HR.Abu Daud no.426. Syaikh Al Albani nyarioskeun yen hadist ieu shahih).

Sakedik bahasan ngeunaan waktu sholat nu paling afdhol. Muga manfaat


Leave a Reply