Hikmah Tina Muterna Kahirupan


Hikmah Tina Muterna Kahirupan

Dawuh Gusti Allah dina al-Qur’an surat al-Hadid ayat 22 :

مَآ أَصَابَ مِن مُّصِيبَةٖ فِي ٱلۡأَرۡضِ وَلَا فِيٓ أَنفُسِكُمۡ إِلَّا فِي كِتَٰبٖ مِّن قَبۡلِ أَن نَّبۡرَأَهَآۚ إِنَّ ذَٰلِكَ عَلَى ٱللَّهِ يَسِيرٞ ٢٢
“Teu pati-pati aya anu keuna tina musibah ti bumi jeung teu aya anu keuna dina pirang-pirang diri aranjeun kajaba geus aya dina tulisan samemeh kami ngajadikeunna. Eta kajadian teh supaya maraneh teu putus asa kana perkara anu lepot ka maraneh jeung maraneh teu bubungahan ku perkara anu datang ka maraneh. Alloh teu mikaresep ka sakur anu gumede tur anu sombong.”

Penjelasan

Pidawuh Alloh Robbul ‘Alamin ngageuingkeun supaya manusa salawasna eling ka Gusti Alloh keur situasi nu kumaha wae, situasi jeung gelombang hidup anu saling gantian. Tandaning aya nu natur, nyatana Alloh nu maha ngatur. Manusa teu leupas aya dina aturan Allah SWT, Mudabbirul Kholaa’iq anu ngatur ka makhluqna.

Riwayat manusa gelombangna saling gantian antara musibah jeung ni’mat anu katarima di alam dunya. Musibah seperti jatuh miskin, subur jadi paila, lancar usaha jadi macet jeung satuluyna, pokokna sakur kajadian anu teu akur jeung kahayang diri. Ni’mat seperti tas paila, paceklik pinanggih jeung panen, nyalon hasil tina pilihan eta oge ni’mat. Ieu kabeh kajadian anu nimbulkeun kana rasa bagja jeung lara teu samata-mata katarima, kajaba geus leuwih tiheula tercatat di Lauhilmahfudz-Na.

Nalika parantos di Kun Fayakuun ku Alloh SWT. manusa teu bisa nyingcet tina eta kajadian. Ieu masalah taqdir anu saling bergantian anu katarima kanggo Allah teu jadi kasulitan. Poe kamari jalma boga rasa bagja jeung senang, poe isukna si bagja jeung si senang leungit. Nyakitu deui sabalikna pikeun Alloh teu aya anu sulit.

Dibulak-balikeun kajadian kieu teh masing-masing aya hikmahna. Ku Allah dibere ni’mat kabungah teu mayeng dina kasusah jeung musibah, supaya manusa teu putus asa. Lamun anggeur wae dina musibah jeung prihatin, ngahawatirkeun hamba putus asa. Nyakitu deui nalika ku Allah dibere rasa kasusah, lamun terus dibere ngageuleuyeung dina ni’mat, tung-tungna bisa jadi dipake adigung jeung sombong, lain dipake syukur ka Alloh SWT.

Maka, rahasia tina dawuh Alloh SWT. dina surat al-Hadid ayat 22, nyaeta mangrupa-rupa kaayaan taqdir nu katarima kudu sing bisa dipake bahan eling urang ka Mantenna. Ku menangna ni’mat kudu dipake deket ku jalan syukur. Dibere musibah jadi bahan deket ka Allah ku jalan shobar. Lantaran lamun teu bisa di jadikeun proyek jalan ibadah ka Alloh, bisa ngabahayakeun kadiri. Dawuhan Kanjeung Rosululloh SAW :

لَا يَدْخُلُ الْجَنّةّ اِلَّا مَنْ كَانَ صَابِرًا وَ شَاكِرًا
“Moal asup ka surga, kajaba hamba anu sok shobar jeung syukur.”

Saking benduna Alloh ka jalma nu tara shobar jeung syukur, dina hadist qudsi Alloh ngadawuh :

مَنْ لَمْ يَصْبُرْ عَلَى بَلَاءِي وَ لَمْ يَشْكُرْ عَلَى نَعْمَاءِي فَالْيَخْرُجْ مِنْ تَحْتِ السَّمَاءِ وَالْيَتْبُعْ مِنْ رَبًّا سِوَاءِي.
“Saha jalma anu teu bisa shobar menghadapi musibah ti Kami, teu bisa syukur kana ni’mat nu dibere ku Kami, maka geura kaluar ti kolong langit, pek teangan pangeran salianti Kami”.

Mafhumna tina eta hadist qudsi nyaeta nalika menang musibah kudu shobar, nalika dibere ni’mat kudu syukuran. Nu kitu anu bakal dipikaasih jeung istimewa munguh Alloh SWT., Keur bagja euling, keur lara oge euling.

Mudah-mudahan urang sadayana Ku Alloh dikersakeun aya dina posisi anu bieu. Teu aya deui anu pangmulya-mulyana anging jadi jalma anu dipikaasih, dipikaheman jeung dipikacinta nyatana jalmi-jalmi anu taqwa ka Alloh SWT.

Muga manfaat. Aamiin


Leave a Reply