Sampurasuuun


Sampurasuuun

Mun newak hayam ulah diudag-udag engke bakal cape jeung hayam bakal ngajauhan. Bere parab engke hayam bakal datang jeung bakal babari ditewakna.

Kitu deui rezeki, ngalengkah cing nyalse ulah tarik teuing, ulah ngotot bisi cape moal hasil. Kaluarkeun sedekah, engke rezeki bakal datang nyampeurkeun tepat waktu.

Lamun hayang miara kukupu ulah ditewak kukupuna pasti hiber. Tapi pelak kekembangan maka kukupu bakal datang sorangan bari mukakeun jangjangna nu endah.

Malahan lain ngan kukupu wungkul engke nu bakal datang tapi serangga lainnna oge saperti lebah, papatong jeung sajabana oge bakal nambah kaendahan ku rupa-rupa warna.

Sarua jeung kahirupan di ieu dunya. Waktu urang mikahayang kabungahan jeung kauntungan, pelak kahadean jeung kajujuran. Maka kabagjaan jeung kauntungan bakal datang sabab dianugrahkeun ku Alloh.

Kusabab kitu, meungpeung urang masih dibere kasempetan hirup, hayu urang nyieun taman-taman kekembangan, kembang kabajikan jeung kembang kajujuran. Ngan omat lain kembang (bunga) bank.


Leave a Reply