Manfaat tina muroqobah


Cara ngubaran diri dina waktu datang Hoream ibadah jeng condong kana Maksiat

Peryogi pikeun sakabeh mu’minin ngabogaan jiwa muroqobah (ngadeukeutkeun diri) ka Alloh SWT. Dina setiap gerak, cicing, ucap, lampah jeung paripolah ulah lesot tina muroqobah ka Gusti Alloh SWT.

Manfaat tina muroqobah nyaeta :

1. Jadi pangjurung kana laku lampah to’at ka Alloh

2. Jadi pamager tina laku lampah maksiat

Tanamkeun dina hate rasa sieun ku Alloh lamun aya laku lampah hade urang teu di peunteun ku Alloh, jeung kudu sieun bisi diri urang aya dina maksiat ka Alloh.

Dimana-mana tina hate aya rasa hoream pikeun ngalakukeun ibadah atawa aya rasa resep jeung condong kana maksiat, maka caritakeun ka diri yen Alloh hadir, nyaksi, maha uninga kana sagala rupa perkara nu dilakukeun ku urang.

Lamun pangeling-ngeling eta teu manfaat nu mana hate tetep embung ngalaksanakeun to’at, masih keukeuh hayang maksiat maka elingkeun kana hate yen aya dua malaikat anu tiap saat ngukuntit, anu tukang nyatet kana amal hade jeung amal goreng nyaeta Roqib jeung ‘Atid.

Sarta bacakeun dawuh Alloh, surat Qaf ayat 18 :

مَّا يَلۡفِظُ مِن قَوۡلٍ إِلَّا لَدَيۡهِ رَقِيبٌ عَتِيدٞ ١٨
Hartosna : teu pati-pati jalma nyarita kana hiji caritaan kajaba didinya aya Roqib jeung ‘Atid
Lamun bae pangeling-ngeling nu bieu teu mempan keneh saking teuasna hate maka peringatkeun ka diri yen bakal ngagertak datangna maot, nu mana amal anu direken nyaeta amal panungtungan. Mangpirang-pirang jalma nu keur laku lampah maksiat ngadadak nalika datang ajalna.

Sarta baca dawuh Alloh dina surat Al-Jumu’ah ayat 8 :

قُلۡ إِنَّ ٱلۡمَوۡتَ ٱلَّذِي تَفِرُّونَ مِنۡهُ فَإِنَّهُۥ مُلَٰقِيكُمۡۖ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَىٰ عَٰلِمِ ٱلۡغَيۡبِ وَٱلشَّهَٰدَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمۡ تَعۡمَلُونَ ٨

Hartosna :“Caritakeun ku Anjeun Muhammad, saenya-enyana maot anu dipikasieun ku maraneh kabeh eta teh bakal datang nepungan maraneh kabe, tina saba’da maot maneh bakal dibalikeun ka Dzat Alloh anu Maha Uninga kana alam anu gaib jeung anu nemrak, tuluy Alloh bakal ngabejakeun ka maraneh kabeh kana sakabeh perkara nu diamalkeun ka maraneh kabeh.

Mugia manfaat. Aamiin


Leave a Reply