Kumalayangna Pikiran


بسم الله الرحمن الرحيم
Kumalayangna fikiran aya anu manfa’at aya anu madlorot.
Fikiran anu manfa’at aya 7 :
1. Tafakkur
2. Tafaqquh Fiddin
3. Ta’allum
4. Tadzakkur
5. Muroqobah
6. Mujahadah
7. Muhadloroh.

I. Tafakkur,
Ari ngaran tafakkur nyaeta molahkeun hate jeung fikiran pikeun mikir-mikir lima perkara anu bisa ngabuahkeun kana Murooqobah jeung Musyahadah:

a) Tafakur jeung mikirkeun kana maot / pimaoteun
Diri kudu inget yen maot pasti bakal karandapan sarta datangna ngadodoho, moal aya jalma anu langeng di alam dunya. Alam dunya anu keur di pikabetah, anak pamajikan anu dipikanyaah, jeung dunya barana anu dipikadeudeuh, ku datangna maot eta kabeh bakal ditinggalkeun. Saluyu jeung dawuh Alloh’
{ أَيْنَمَا تَكُونُوا يُدْرِكُكُمُ الْمَوْتُ وَلَوْ كُنْتُمْ فِي بُرُوجٍ مُشَيَّدَةٍ }
Hartosna: “Dimana bae aranjeun ayana maot pasti bakal nyampeur-keun, sanajan anjeun aya dina peti beusi.” (QS. An-Nisa : 78)
Ari anu ngahalangan kana rasa yen diri bakal maot teh nyaeta resep kana dunya, sakumaha pidawuh Alloh :
{يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ وَاخْشَوْا يَوْمًا لَا يَجْزِي وَالِدٌ عَنْوَلَدِهِ وَلَا مَوْلُودٌ هُوَ جَازٍ عَنْ وَالِدِهِشَيْئًا إِنَّ وَعْدَ اللهِ حَقٌّ فَلَا تَغُرَّنَّكُمُ الْحَيَاةُ الدُّنْيَا وَلَا يَغُرَّنَّكُمْ بِاللهِالْغَرُورُ}
“He, golongan manusa!, kudu taqwa aranjeun ka pangeran aranjeun jeung kudu sieun aranjeun kana hiji poe anu moal bisa nyukupkeun (nulungan) anu jadi kolot kanu jadi anakna jeung anak kanu jadi kolotna saeutik oge, saestuna jangji Alloh eta nu nyata, maka aranjeun ulah katipu ku kahirupan dunya jeung ulah katipu tipuan-tipuan syetan”.(QS. Luqman : 33)
Lamun jalma teu inget kana yen diri rek maot pasti hirupna bakal katalanjuran, ngalajur hawa nafsu ngumbar amarah. Sabab dirina boga rasa rek lana hirup di dunya. Sabalikna lamun jalma daek tafakkur kana maot pasti bakal bisa muhadloroh (rasa diri dihadiran ku Alloh), atuh hirupna moal katalanjuran sabab boga rasa diteuteup jeung di hadiran salawasna ku Alloh.

b) Tafakkur kana alam Barzakh
Ari alam barzah nyaeta hiji alam anu pasti bakal kasorang ku satiap insan anu keur kumelendang di alam pawenangan, moal aya jalma anu henteu nyorang alam barzah, sanajan awakna diduruk atawa dipiceun ka laut, tetep bakal nyorang alam barzah, anu di eta alam moal aya anu ngabarengan kajaba amal sorangan.
Lamun jalma geus bisa tafakkur kana maot jeung kana alam barzah pasti sagala kasusah jeung kabingung bakal leungit, sabab dirina jadi kadedemes kana amal pikeun pibatureun hirup di alam barzah.

c) Tafakkur kana ‘adzab Alloh.
Diri kudu bisa tafakkur kana ‘adzab Alloh. Alloh bakal nyiksa ka jalma anu gawe dosa,. Kulantaran kitu ulah rek nyapirakeun kana dosa, rek dosa gede atawa leutik ngaran dosa mah tetep dosa. Da’ sanajan dosa gede atawa leutik, tetep eta ma’siat ka Alloh. Atuh kudu ditobatan bisi kaburu datang poe qiyamah.

d) Tafakkur kana Sama’ Bashor Alloh.
{ اللهُ لَا إِلٰهَ إِلَّا هُوَ الْحَيُّ الْقَيُّومُط لَا تَأْخُذُهُ سِنَةٌ وَلَا نَوْمٌ }
“Alloh, teu aya deui Pangeran anu wajib di ibadahan sareng di ta’ati parentahna anging Anjeuna anu jumeneng kalayan dzatna, Anjeuna tara nundutan sareng tara kulem”. (QS. Al Baqoroh:255)
Jalma aya sarena aya pohona, tapi Alloh mah moal aya hilapna, moal kulem, Alloh tara nundutan, tara kulem, teu aya waktu anu kosong, teu aya waktu anu kosong, teu aya tempat anu kosong tina Sama’ Bashor Alloh, sanajan anjeun henteu boga rasa ditingali jeung didangu ku Alloh, tetep Alloh mah ningali jeung ngadangu kana sagala gerak-gerik anjeun.

e) Tafakkur kana tanda-tanda kakawasaan Alloh.
{إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمٰوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآٰيَاتٍ لِأُولِي الْأَلْبَابِ }
“Yakin ari dina nyieun langit jeung bumi jeung gunta-gantina beurang jeung peuting eta jadi ciri (tanda kakawasaan Alloh) pikeun anu boga ‘aqal”. (QS. Ali Imron : 190)
” تَفَكُّرُ سَاعَةٍ خَيْرٌ مِنْ عِبَادَةِ سِتِّيْنَ سَنَةً ”
“Ari tafakkur sajam eta leuwih alus tibatan ibadah 60 taun”.
1. Tafaqquh Fiddiin
Ari Tafakkuh Fiddin nyaeta ngarti jeung nyaho kana ajaran jeung hukum-hukum islam, rek anu tafshili (pigaweun diri ayeuna dina shirot anu keur karandapan), atawa hukum anu ijmali, nyaeta hukum anu umum, anu ngurung ka sakabeh manusa, rek mangrupa parentah atawa larangan.
( مَنْ يُرِدِ اللهُ بِهِ خَيْرًا يُفقِّهْهُ فِي الدِّينِ )
“Saha jalma anu rek dikersakeun hade ku Alloh, tangtu Alloh bakal mere ngarti ka eta jalma kana agama”. (HR. Bukhori Muslim)
Atuh jalma anu teu ngarti kana Agama sanajan tukang murooqobah (ngadeukeutkeun diri ka Alloh) ku jalan puasa, wiridan dzikir ka Alloh, ziarah ka kubur atawa tatashowufan bari henteu tafaqquh (ngarti) kana agama, eta jalma moal dijieun jalma hade ku Alloh, malah sabalikna di sebut Zindiq.
مَنْ تَصَوَّفَ بِلاَ تَفَقُّهٍ تَزَنْدَقَ * وَمَنْ تَفَقَّهَ بِلَا تَصَوُّفٍ تَفَسَّقَ
“Saha jalma anu make Tashowuf bari henteu make kana hukum Fiqh eta ngaranana Zindiq, jeung jalma nu make hukum fiqh bari henteu make ilmu tashowuf eta ngaranna jalma faseq.”
Ari carana Tafaqquh Fidddin nyaeta kujalan Muthola’ah, Mudzakarah, Istima’, ngaji, jsb.

2. Ta’allum
Ari Ta’allum nyaeta nungtut ilmu jeung ngaji ajaran agama Islam. Tanpa ngagerakkeun hate moal bisa ngaji. Ari nungtut ilmu, ngaderesna sarua jeung maca tasbih, ngajina sarua jeung jihad, malahan lamun niat ngajina pikeun nangtukeun jeung ngagungkeun syiar agama Alloh eta jalma jadi Mujahid.

3. Tadzakkur
Ari tadzakkur nyaeta eling ka Alloh, boh dzikir ku lisan saperti maca Tasbih, Tahmid, Takbir, jeung Tahlil atawa dzikir ku hate saperti eling ka Alloh ku jalan tafakkur atawa dzikir ku lisan jeung hate saperti dzikir anu salapan bari dibarengan ku hate.

4. Murooqobah, Musyahadah jeung Muhadloroh.
Ari Murooqobah, Musyahadah jeung Muhadloroh eta akibat tina Tafakkur, lamun tafakkur kana maot jadi Muhadloroh ka Alloh, imanna nyicingan dina maqom Fana’ (‘ainul yaqin), lamun tafakkur kana Sama’ Bashorna Alloh jadi Murooqobah, imanna nyicingan dina iman ‘Ilmul Yaqin, lamun tafakkur kana tanda kakawasaan Alloh jadi Musyahadah, imanna nyicingan dina iman Haqqul Yaqin.
Diantara anu tujuh anu pangalusna nyaeta Tafakkur jeung Ta’allum, sabab ku tafakkur kabawa opat perkara, nyaeta Tadzakkur, Murooqobah, Musyahadah jeung Muhadloroh, khususna anu tilu mah akibat tina ieu tafakkur. Ari Ta’allum ngabawah kana Tafaqquh, da’ moal Tafaqquh lamun henteu Ta’allum heula.

Ari fikiran anu henteu manfa’at nyaeta :
1. Haditsun Nafsi (ngalamun) mikiran perkara anu teu puguh.
2. Takhoyul, mikiran perkara nu pimohaleun moal kaalaman.
3. Hammu, nyaeta bingung ku perkara anu bakal datang bari can puguh kaalaman, saperti bingung ku pipolaheun poe isuk, jeung Hazan, nyaeta bingung kunu geus kasorang, anu moal mungkin bisa dibalikan deui.
4. Jabban, (borangan).
5. Hubbul Mal, nyaeta resep kana harta kakayaan.
6. Hubul Jah, cinta kana kadudukan jeung kapangkatan.
7. Hubbus Syahwat, cinta jeung resep kana syahwat, tegesna resep ngalajur kana hawa nafsu jeung ngumbar syahwat.
Lamun pikiran kumalayang kanu jauh ieu kudu buru-buru ditinggalkeun sarta terus Istigfar, sabab teu aya guna jeung manfa’atna, malah nambah kabingung jeung kapusing anu akhirna matak nimbulkeun kana putus asa jeung ngarasula, leuwih hade gunakeun eta waktu jeung kasempatan kana ibadah anu leuwih manfa’at. Da urang diturunkeun ka alam dunya teh lain pikeun ngalamun atawa takhoyul, tapi pikeun ibadah. Sakumaha dawuhan Alloh dina surat Adz-Dzariyat :

{ وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ }
Atuh ulah aya waktu anu kosong tina dipake ibadah, komo lamun nepika dieusian ku ma’siat mah


Leave a Reply