5 Pepeling Supaya Hirup Aya Panyaring


5 Pepeling Supaya Hirup Aya Panyaring

Assalamu ‘alaikum.
Kanjeung Rosululloh saw. dina salah sawios hadist anjeuna maparin 5 pangeling-ngeling pikeun jadi bahan renungan supaya hirup ngabogaan saringan, sahingga hirup boga arah jeung tujuan, moal sakadaek, teu nuturkeun kahayang nafsu jeung bakal jadi pamager kabebasan hirup.
Pangeling-ngeling ieu manakala ku urang di resapi, dijiwai sarta dilaksanakeun pesan-pesan dina pidawuh anjeuna, yakin bakal jadi kamanfaatan pikeun urang sarerea dunya katut akherat.
Penjelasan
Aya 5 pesan ti Kanjeung Nabi, nyaeta :
1. عِشْ مَا شِئْتَ فَإِنَّكَ مَيِّتٌ-
“Pek hirup sakahayang anjeun, tapi kudu inget saenyana anjeun eta bakal maot.”
Rek hirup make gaya naon oge tetep akhirna mah bakal maot. Maot lain akhir tina sakabeh persoalan, tapi awal tina masalah anu gede kacida. Lamun akal pikiran sadar kana yen di hiji poe pasti urang bakal dijemput ku ajal, insya Alloh hirup moal sakadaek, moal nuturkeun sakahayang hawa nafsu, sabab sadar diri bakal maot, kalawan maot teu bisa di singkahan. Alloh ngadawuh dina surah al-Jumuah ayat 8:
قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلَاقِيكُمْ ۖثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَىٰ عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُونَ
“Bejakeun ku anjeun Muhammad, dawuhan Alloh saenyana maraneh sien kana naon anu dingaranan ku maot, toh padahal ajal mah bakal manggihan ka maraneh kabeh. Tuluy maraneh kabeh dina saba’da maot bakal di balikeun ka dzat anu maha uninga kana barang anu ghaib jeung anu nembrak. Alloh bakal mintonkeun kana sakabeh hal anu di lakukeun ku maraneh kabeh waktu hirup di alam dunya.” (Q.S. al-Jumuah:08).
2. وَاحْبِبْ مَا شِئْتَ فإنَّكَ مُفَارِقُهُ-
“Pek pikaresep ku anjeun naon bae sakahayang anjeun, tapi kudu sadar anjeun bakal papisah jeung sakabeh anu di pikaresep.“
Lamun aya 1000 anu dipikaresepna berarti bakal papanggih jeung 1000 kasedih tatkala papisah jeung barang anu dipikacinta. Musonip kitab Hikam nyaurkeun:
لِيَقِلَّ ما تَفْرَحُ بِهِ، يَقِلَّ ما تَحْزَنُ عَلَيْهِ
“Saeutikeun barang anu dipikaresep ku anjeun, engke bakal saeutik barang anu dipika sedih.”
Lantaran barang anu biasa jadi kabungah, tah eta barang anu bakal jadi kasedih. Jang jalma anu berakal mah eta teh bakal ngalihkeun perhatian cintana kana barang anu moal papisah.
Cinta kana harta kakayaan di satu saat pasti bakal papisah, cinta ka manusa oge satu saat bakal ninggalkeun.
Tapi lamun Cinta ka Alloh, cinta ka Rosul, cinta kana alam akerat eta mah moal papisah. Sanajan diri maot, tetep bakal ngahiji. Bahkan bakal leuwih raket jeung barang anu di pikacintana sabab kasenenganana bakal leuwih cerah.
3. وَاعْمَلْ مَا شِئْتَ فَإِنَّكَ مَجْزِيٌّ بِهِ-
“Pek lakukeun ku anjeun naon bae perkara anu di pikahayang ku anjeun, tapi sing inget eta teh bakal dibales.“
Sagala perkara anu dilakukeun ku anjeun dina waktu hirup di alam dunya, eta bakal aya pembalasanana di akherat. Amal hade bakal di bales hade, nyakitu amal goreng pasti dibales goreng deui.
4. وَاِنَّ شَرَفَ المُؤْمِنِيْنَ فِى قِيَامِ اللَّيْلِ-
“Saenyana kamulyaan jalma mu’min aya dina solat ti peutingna eta mu’min.“
Solat ti peuting mangrupakeun padamelan para Anbiya, para Mursalin termasuk Jalmi anu saroleh. Jalma anu rajin hudang ti peuting, naon bae anu di pentana bakal di ijabah ku Alloh swt. Ngado’a dina waktos peuting mah murah kacida.
Aya syi’iran dina kitab Ta’limul Muta’alim :
بِقَـدْرِ الـْكَــدِّ تُكْــتـَسَـبُ المْـَعَالِى وَمَـنْ طَـلـَبَ الـْعُـلَى سَـهَّـرَ اللـَّيَالِى
“Ngitung-ngitung kacapean bakal ngusahakeun darajat anu luhur. Saha jalma anu ngamaksud hayang menang darajat anu luhur maka kudu nyaring dina waktu peuting (ibadah ka Alloh).
5. وَعِزُّهُ فِى اسْتِغْنَائِهِ عَنِ النَّاسِ-
“Saenyana kaagungan jalma mu’min eta aya dina ngarasa sugihna mu’min ti jalma-jalma.“
Kaagungan jalma mu’min mah hente katergantungan diri loba butuh ka manusa. Sabalikna lamun loba kabutuh ku manusa, katergantungan hirup ka jalma, tong majar maneh lamun hirup bakal jadi kekesed batur.
Tapi lamun kabutuhna diserenkeun ka Gusti Alloh swt, eta mah bakal jadi jalma anu agung. Kajeun teuing fakir tapi hirup bakal seperti raja.
5 perkara ieu kudu janten bahan emutan, serepkeun kana diri naon pesan-pesana lakukeun. Insya Alloh bakal manfaat dunya jeung akherat.

Muga manfaat. Aamiin


Leave a Reply