Nafakuran Silih Asih, Silih Asah, dan Silih Asuh


Nafakuran Silih Asih, Silih Asah, dan Silih Asuh

SILIH ASIH

Kahiji, silih asih mangrupakeun tali paranti hubungan jeung sasama anu di talian ku nilai-nilai Ageuman hirup AL-ISLAM, di tambih ku nilai-nilai kamanusaan. Silih Asih mangrupakeun Elmu Panemu Jampe Pamake anu dieusi ku dimensi kapangeranan jeung kamanusaan.

Dina tradisi masyarakat silih asih, manusia silih hormat, silih hargaan, ajrih ku elmu, teu adigung adiguna. Manusa dianggap sami teu aya anu kudu di agungkeun leuwih ti Allah. Sabab lamun kitu kaayaanna, manusa leuwih ti pangeranna eta jadi polah hirup syirik-sosial.

SILIH ASAH

Silih asah mangrupikeun Tali paranti masyarakat dina silih simbeuhan elmu panemu, ngabeungharkeun akal sareng kamampuan dina khazanah pengetahuan srng tekhnologi.
Ngalahirkeun Rancage dina Gawe anu didadasaran ku elmu sareng akhlaq. Hasilna masyarakat anu pinuh ku elmu tapi teu poho kana purwa daksi, Purwa hartina mimiti aya dicipta ku Allah, Daksi hartina panungtungan hirup balik ka Allah dina kaayaan bersih hate tur pasrah (Qolbun salim).

SILIH ASUH

Silih asuh mangrupikeun tali paranti dina silih nasehatan, silih bela sareng silih bantu anu bakal ngalahirkeu tali kuat ngahijina rasa kamasyarakatan, Ku sabab kitu, masyarakat sunda ulah resep parasea jeung dulur, ulah ribut jeung batur. Kuduna kompak silih ngajaga jeung ngabingbing, Buktikeun ku Amar ma’ruf Nahi Munkar.

Nyukcruk Galur Sunah Rosul, Akur jeung Dulur Ngaja Lembur, Napak waris para Wali miwah ‘Ulama. Cag.. Rahayu sadulur kabeh…


One response to “Nafakuran Silih Asih, Silih Asah, dan Silih Asuh”

Leave a Reply